Oct 24, 2017 Last Updated 6:43 AM, Oct 24, 2017

BERSIH DIRI KUPANGAJI NGARAH KABAGJAAN KUDARAJAT TAKWA

Published in Hikmah
Read 3587 times
Rate this item
(2 votes)

Jamhur (Kepala Bagian Kerjasama dan Perencanaan Unisba) -Wahai jalma-jalma anu ariman, geus diwajibkan kaaranjeun kabeh pikeun ngalaksanakeun puasa, sakumaha anu geus diwajibkeun ka jalma-jalma sateuacan aranjeun kabeh, supaya aranjeun kabeh jadi jalma-jalma anu takwa. (QS. Al-Baqarah : 183).

Kalintang bungangang jeung bungahna umat muslim anu geus bisa ngalaksanakeun ibadah saum dina bulan Romadon, sabab maranehanana saenggeusna ngalaksanakeun ibadah saum salila sabulan, eta jalma lamun lulus tina sagala cocoba jeung mangpirang-pirang godaan dina salama ngalaksanakeun ibadah saum, eta jalma teh bakal pinanggih kana beresih diri kumangpirang-pirang pangaji jeung susuci, bakal meunang kabagjaan kusabab meunang darajat takwa ti Allah Subhanahu wa taala.

Sakumaha geus dipikanyaho kuurang sarerea wireh sarengsena ngalaksanakeun Ibadah Shaum, bakal papanggih jeung poe anu Fitri (balik deui kana anu bersih tur suci), nyaeta tanggal 1 Syawal, anu mana eta tanggal 1 syawal teh mangrupakeun poe kameunangan jeung kabagjaan pikeun jalma-jalma anu ariman anu bisa ngalaksanakeun ibadah, ibadah wajibna tartib tur tumaninah, ibadah sunnahna nambah tur tumaninah. Kulantaran kitu, wajar eta jalma teh bisa bersih diri tina sagala dosa per dosa, bisa mucekil tur nimbel pahala sabab rea amalanana.

Beresih diri jeung darajat takwa teu dibikeun ku Gusti Alloh ka sambarangan jalma, pon kitu deui eta jalma teu bisa sagawayah ngaku dirina geus kaasup jalma anu bersih diri atawa suci, komo bari jeung ngaku-ngaku geus meunang darajat takwa, padahal dina ngalaksanakeun ibadahna eta jalma teh belang betong, malahan mungkin bae eta jalma teh tara pisan ngalaksanakeun ibadah.

Sabab teu sagawayah jalma bisa balik deui kana kasucian jeung meunang darajat takwa ti Gusti Alloh, eta kapangkatan jeung gelar teh gumantung kana tingkah laku, ibadah, jeung amal shaleh anu dilaksanakeun ku eta jalma, khususna ibadah jeung amal sholeh dina bulan Ramadhan.

Allah Subhanahu wa taala Maha Adil jeung Maha Uninga ka hamba-Na anu ahli ibadah tur ahli amal sholeh, jeung ka jalma anu belang betong anu teu pernah ngalaksanakeun ibadah. Gusti Allah bakal ngahukum jeung mere ganjaran ka hamba-Na sasuai jeung amal perbuatan hamba-Na.

Sakumaha Dawuhan Gusti Alloh dina Al-Quran, anu hartina : Sing saha jalma anu ngalaksanakeun amal sholeh, maka bakal manfaat (pahala) pikeun dirina sorangan, jeung sing saha jalma anu ngalaksanakeun kajahatan/kamaksiatan, maka beurat (dosa) pikeun dirina sorangan. Jeung moal sakali-kali Pangeran aranjeun kabeh nganiaya ka hamba-Na. (QS. Fushshilat : 46)

Kanggo bahan panaluntikan jeung kanggo ngaji diri, supaya teu jadi salah harti anu nyimpang tina anu sabenerna, jeung supaya teu dijadikeun omongan anu salah kaprah, wireh satiap rengse bulan Romadon dirina ngaku-ngaku geus ngarasa bersih/suci, padahal dirina dina bulan Ramadhan jarang pisan/belang betong, malahan mungkin bae eta jalma teh teu pernah nglaksanakeun ibadah shaum jeung ibadah sunnah lainna sakumaha anu geus dicontohkeun ku Rasulullah Shallahualaihi wassalam.

Kusabab kitu, saumpamana jalma-jalma anu ngaharepkeun mikayang kana Bersih Diri Ngarah Kabagjaan Kudarajat Katakwaan, peling henteu eta jalma teh dina salama bulan Ramadhan bisa ngalaksanakeun 6 (genep) kagiatan ibadah jeung amal sholeh lainna, anu sakumaha geus dicontohkeun ku Rasululloh SAW.

Sabab amalan dina bulan Romadon teh pahalana dilipetkeun ku Gusti Alloh dugika sapuluh kali lipet, malahan bisa dilipetkeun dugika sakahoyong Gusti Alloh.

Sakumaha anu parantos di Sabda ku Rasulullah SAW., dina salah sahiji hadirs, anu hartina Tiap-tiap amalan anak adam dilipetkeun kasaeanana (pahalana) ku sapuluh kali lipet, dugika tujuh puluh lipetan, (malahan) dugika sakahoyongna Gusti Alloh. (HR Ibnu Majah)

Ieu mah sakadar contoh manawa jeung manawi bae bisa dijadikeun pangeling-ngeling jeung bisa diamalkeun dina raraga ngalaksanakeun amal ibadah jeung amal sholeh di satiap bulan Ramadhan, sangkan jadi pangrojong dina ngala darajat takwa pikeun kabagjaan, pangbersih ati balik kana suci diri, anu di antarana urang salaku jalma anu ariman salian ngalaksanakeun ibadah wajib sholat lima waktu, dina satiap bulan Romadon paling henteu kudu bisa ngalaksanakeun :

  1. Junun tur Punjul dina Ibadah Puasa Sabulan Pinuh, kacuali saumpama eta jalma kakeunaan udzur dimeunangkeun teu puasa, tapi tetep saenggeusna cageur sabahara bihari kudu dibayar disalian bulan puasa.

Puasana eta jalma lain ngan saukur nahan haus jeung lapar wungkul tapi kudu bisa ngajaga tina sagala rupa anu bisa ngurangan kana eta pahalana puasa, nyaeta tina sabangsana teu meunang ngubar amarah, ngajurung nafsu, gede ambek, ngomong bohong, ngomongkeun kagorengan batur, sirik pidik, jail kaniaya, jeung sajabana deui anu kalakuanana teu ngadatangkeun pahal, malah ngadatangkeun dosa.

Padahal tujuan Gusti Allah ngawajibkeun ibadah puasa teh nyaeta supaya jadi jalma anu takwa.

Sakumaha Dawuhan Gusti Alloh dina Al-Quran, anu hartina Hai jalma-jalma anu ariman, geus diwajibkeun pikeun aranjeun kabeh ngalaksanakeun puasa, sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh aranjeun kabeh, suapaya aranjeun kabeh jadi jalma anu takwa. (QS. Al-Baqarah : 183).

Rek bisa jadi jalma takwa kumaha, saupama eta jalma teu bisa ngalaksanakeun ibadah puasa anu sabenerna, rajeun teh puasa tapi ngan saukur tuturut munding, ngan saukur nutupan kaera ku babaturan, ku tatangga, jeung kunuliana. Jadi teu aya rasa sadar yen ibadah puasa teh kudu diniatan ku karana kaimanan jeung ku ngaharepkeun pahala ti Gusti Alloh.

Jalma-jalma anu bisa ngalaksanakeun ibadah puasa kudiniatan karna iman jeung karna neangan pahala ti Gusti Alloh, pasti eta jalma teh bakal dihampura sagala dosa-dosa katukang anu geus dipilampah.

Sakumaha Rasululloh parantos nyabdakeun dina salah sawios hadits, anu hartina Sing saha jalma anu ngalaksanakeun puasa di bulan Romadon, kusabab kaimanan jeung kusabab neangan pahala ti Gusti Alloh, manehanan bakal dihampura ku Gusti Alloh tina sagala rupa dosa katukang anu geus dipilampah. (HR. Bukhari)

Dumasa kana eta Dawuhan Gusti Alloh jeung Sabda Rosululloh SAW., maka supaya bisa jadi jalma anu takwa meung darajat, jeung bisa balik deui kana fitrahna (bersih/suci saperti bayi anu karek lahir) teh, langkung tipayun eta jalma teh kudu bisa ngalaksanakeun puasa anu sampurna, nyaeta puasa anu geus dicontohkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW, anu prak-prakanana aya dina hadits.

  1. Junun tur Punjul dina Ibadah Shalat Sunnah Taraweh sabulan pinuh. Jalma-jalma anu bisa ngalaksanakeun ibadah solat taraweh dina salama bulan Romadon, kudiniatan karna iman jeung karna neangan pahala ti Gusti Alloh manehanan bakal dihampura ku Gusti Alloh tina sagala rupa dosa katukang anu geus dipilampah

Sabda Rasulullah SAW., dina salah sahiji hadits anu hartina : Sing saha jalma anu ngalaksanakeun solat tarweh di bulan Romadon, kusabab kaimanan jeung kusabab neangan pahala ti Gusti Alloh, manehanan bakal dihampura ku Gusti Alloh tina sagala rupa dosa katukang anu geus dipilampah. (HR. Bukhari).

Komodeui lamun seug dibarengan deui jeung solat-solat sunnah lainna, pasti manehanana bakal leuwih mucekil meunang pahalana, dibandingkeun jeung jalma-jalma ngan saukur ngandelkeun solat taraweh wungkul. Misalna eta jalmateh bisa ngamalkeun solah sunnah rowatibna rutin, solat sunnah hajat, solat sunnah tasbih, solat sunnah duha, jeung solat sunnah lianna anu geus dicontohkeun ku Rasululloh SAW.

  1. Junun tur Punjul dina Ibadah Tadarus Al-Quran Sabulan Pinuh

Jalma-jalma anu bisa maca Al-Quran (tadarus) dina salian bulan Ramadhan, eta jalma teh ku Gusti Alloh dipaparin kahadean (pahala) dina tiap-tiap maca sahurufna ku Gusti Alloh dipaparin kahadean (pahala) sapuluh kahadean (pahala).

Saumpama eta jalma ngan saukur maca Al-Quran tilu huruf anu lafadnaalif, lam, mim, manehanana bakal meunang tilu puluh kahadean (pahala).

Sakumaha Sabda Rasulullah SAW., dina salah sahiji hadits, anu hartina Sing saha jalma anu maca sahuruf tina kitab-Na Alloh (Al-Quran) maka pikeun maranehanana bakal mipiboga hiji kahadean, sahiji kahadean (pahala) dilipetkeun jadi sapuluh kali lipet kahadean (pahala). Kaula (Rasulullah) teu nebutkeun wireh alif, lam, mim teh ngan saukur sahuruf, tapi alif sahuruf, lam sahuruf, jeung mim sahuruf. (HR. Thurmudzi)

Padahal dina Al-Quran teh aya sababaraha huruf, paling henteu saumpama eta jalma bisa maca Al-Quran (ngaji/tadarus) saeutikna 1.000 huruf, tinggal dikalikeun 1.000 huruf dikali 10 kahadean di bulan salian Romadon ditambah bonus dina bulan Romadon dikalikeun deui 10 kali kahadean, maka eta jalma lamun dihitung kusacara matematika bakal menunang kahadean anu lobana 100.000 kahadean.

Padahal dina Al-Quran teh henteu ngan saukur 1.000 huruf, jeung lamun eta jalma anu rajinmah maca Al-Quran-na teh biasanamah henteu ngan sakali wungkul, paling henteu dua tilu kali bisa tamat Al-Quran dina sabulan.

Kalintang bungahna jalma-jalma anu geus bisa ngalaksanakeun Tadarus Al-Quran, sabab manehanana geus boga cengcelengan pikeun bekel diakherat. Sabab jalma-jalma anu ngajadikeun kana Al-Quran salaku cecekelan atawa padoman dina ibadah sapopoe, ku Gusti Alloh bakal dibere syafaat jeung bakal digampangkeun diasupkeun ka Surga.

Sakumaha Sabda Rosululloh SAW., dina salah sahiji hadits, anu hartina Al-Quran teh syafaat, anu dibere syafaat (ku Gusti Alloh), salaku panglapor anu dipercaya. Sing saha jalma anu ngajadikeun kana eta Quran disimpen dihareupeunana (dijadikeun padoman) bakal narik eta Al-Quran ka eta jalma ka Surga. (tapi) sing saha jalma anu ngajadikeun kana eta Al-Quran disimpen ditukangeunana (disapirakeun), bakal nyeret eta Al-Quran ka eta jalma ka Naraka. (HR. Muslim)

  1. Junun tur punjul dina Ibadah infak, sodakoh, jeung pambelaan liana

Jalma-jalma anu ariman biasana moal katingaleun jeung moal boga rasa kasieun ku sieun malarat, kusabab ngaluarkeun pambelaan infak jeung sodakoh ku mang rupa diri jeung hartana. Jalma-jalma anu ariman geuns boga kayakinan anu kuat, wireh jalma anu ngabela dina jalan (agama) Gusti Alloh, pasti bakal meunang deui ganti ti Gusti Alloh anu leuwih hade tur leuwih gede.

Sakumaha Dawuhan Gusti Alloh dina Al-Quran anu hartina Gambaranana jalma-jalma anu infak di jalan (agama) Alloh, lir ibarat melak sasiki terus jadi tujuh dahan, dina tiap-tiap dahan muncul masing-masing 100 siki. Jeung Gusti Alloh bakal ngalipetkeun ka anu leuwih gede deui sakumaha Kasukana Gusti Alloh. (QS. Albaqoroh : 261)

Dina ayat anu lain Gusti Alloh geus nangtukeun, wireh jalma anu infak pasti bakal diganti deui ku Gusti Alloh. Sakuma Dawuhanana anu hartina : jeung naon-naon anu geus diinfakeun ku aranjeun kabeh, pasti ku Kaula bakal diganti. (QS. Saba : 39).

Salian bakal diganti deui kunu leuwih hade jeung leuwih gede, eta jalma anu ngabogaan sifat berehan dina pembelaan kujalan ngaluarkeun infak harta, jeung raga teh ku Gusti Alloh bakal dihampura dosa-dosana jeung bakal diasupkeun ka Surga. Anu jelas teur anu langkung atra perkara pahalana jalma-jalma anu sok ngabiasakeun infak ku pangorbanan harta jeung ragana, aya dina Al-Quran Surat Ash-Shaff, ayat 10 dugi ka ayat 11.

  1. Junun tur Punjul dina ngalaksanakeun Ibadah Itikaf disepuluh malem anuahir.

Sakumaha anu geus dicaritakeun dina Hadits Riwayat Ibnu Abi Hatim, nyaeta wireh Rosululloh parantos nyaritakeun aya opat jalma hamba Alloh, nyaeta anu wastana Ayub, Zakaria, Hizkil bin Ajuz, Yusya bin Nun, maranehanana teh nyaeta kaasup jalma-jalma anu ahli ibadah dina salama 80 tahun, jeung maranehanana teh teu pernah nolak tur ingkar saeutik oge kana naon-naon anu geus diparentahkeun ku Gusti Alloh. Kulantaran kitu nepika para sahabat Raosululloh tepi ka kalintang heranna nelekan kana eta opat jalma teh. Teu kungsi lila tiharita datang Malaikkt Jibril, terus nguningakeunhai Muhammad umat anjeun heran ngadenge kana eta carita opat jalma, salila 80 tahun maranehanana teu pernah nolak tur teu ingkar sakerejep panon oge kana parentah ti Gusti Alloh. Sabenerna aya hiji amalan anu pahalana bisa ngabandingan atawa nayaruwaan kana pahala eta opat jalma. Terus Malaikat Jibril ngabacakeun Al-Quran Surat Al-Qadr. Sarengsena (maca kana ayat tadi) Malaikat Jibril ngungkapkeunIeu malem Qadr leuwih utama (pahalana) tibatan naon-naon anu dipilampah ku anjeun (Muhammad) jeung umat anjeun tepi ka kaget tur heran ngadenge ka anu geus dilaksanakeun ku opat jalma tadi. Sarengsena ngadenge kana katerangan Malaikat Jibril, Rosululloh, para sahabat jeung sakabeh jalma ngarasa lega jeung ngarasa senang. (HR. Ibnu Hatim)

Dawuhan Gusti Alloh dina Al-Quran, anu hartina Saestuna Kaula (Gusti Alloh) geus nurunkeun (Al-Quran) dina malem Qodar. Jeung naha aranjen nyaraho naon malem anu Qodar teh ?. Malem Qodar teh nyaeta malem anu leuwih hade tibatan sarebu bulan. Dina Malem Qodar eta turun malaikat-malaikat jeung Malaikat Jibril kusabab meunang izin Gusti Alloh, kanggo ngatur kana sagala urusan. Malem eta (pinuh) kukabagjaan tur kawaluyaan tepikakeun datang subuh (fajar) (QS. Al-Qadr : 1 – 5)

Sabadana turun eta ayat, Rosululloh dina satiap sepuluh malem anu ahir di bulan Romadon sok ngabiasakeun soson tur merlu-merlukeun jeung umajak ka umatna nganjurkeun supaya bisa ngalaksanakeun dibarengan kusoson-soson dina ngala pahala Malam Qadr.

Sabda Rasulullah SAW., dina salah sahiji haditsna, anu hartina Rosululloh parantos nyerukeun Sing temen-temen aranjeun kabeh (kana ngala pahala) Malem Qadr di satiap malem anu ganjil dina sapuluh malem anu ahir di bulan Ramadhan. (HR. Bukhari).

Aya dina hadis anu lain, Rasulullah SAW., geus nguningakeun anu hartina Jeung sing saha jalma anu ngadeg dina malem Qadr (sholat sunnah) kusabab iman jeung lantaran hayang pahala, maka eta jalma ku Gusti Allah bakal dihampura dosa-dosana anu dilampahkeun katukang. (HR. Bukhari)

Supaya dina ngalaksanakeun ngala pahala Malem Qodr teh jongjon, teu kaganggu ku sarupaning dedengean, titingalian, jeung kagiatan lain anu euweuh manfaatna, leuwih hade dina raraga ngala pahala Malem Qodr teh dilaksanakeun di masjid-masjid, ngarah sakalian meunang pahala Itikaf oge. Sabab eta pahala Itikaf teh anu kalintang gedena.

Sabda Rasulullah SAW., dina salah sahiji hadits, anu hartina Siang saha jalma anu Itikaf disapuluh malem ahir di bulan Romadhon, maka manehanana (meunang pahalana) saperti geus nglaksanakeun dua kali haji jeung dua kali umrah.(HR Baihaki)

  1. Junun tur Ihlas ngaluarkeun Zakat Fitrah, atawa Zakat Mall (pikeun jalma anu geus nepi kana nashabna).

Dawuhah Gusti Alloh dina Al-Quran, anu hartina Jeung tegakeun Sholat, kaluarkeun zakat,terus ruku(sholat) aranjeun kabeh jeung jalma-jalma anu ruku (solat). (QS. Al-Baqarah : 43)

Aya dua rupa zakat anu kudu dilaksanakeun ku jalma-jalma anu ariman, nyaeta : kahiji kudu ngaluarkan Zakat Mall, anu kadua kudu ngaluarkeun Zakat Fitrah

Bedana Zakat Mall jeung Zakat Fitrah, scara umum nyaeta :

Zakat Mall nyaeta zakat pangbersih harta kakayaan anu geus ditangtukeun pikeun jalma-jalma anu dibere kaleuwihan harta pangabogana (beunghar harta), ditangtukeun oge jenis hartana jeung batasan kawajiban harta anu kudu dizakatan.

Zakat Mall dilaksanakeun ku jalma

Zakat Fitrah nyaeta zakat pangbersih diri anu prak-prakanana disarupakeun kana kadaharan utama sewang-sewang jalma anu lobana sa Sho ( + 2,7kg ), dilaksanakeun satiap ahir bulan Romadon samemeh bubaran Solat Idul Fitri. Diwajibkeun pikeun sakabeh jalma, timimiti jalma anu boga jeung nu teu boga, jalma lalaki jeung awewe, jalma budak keneh (orok) jeung anu geus kolot, pokoknamah jalma anu kaasup golongan muslim boga kawajiban ngaluarkeun Zakat Fitrah.

Sabda Rasulullah SAW., dina salah sahiji hadits, anu hartina : Rasulullah SAW., geus ngawajibkeun Zakat Fitrah anu lobana sa Sho tina korma, atawa sa Sho tina gandrung pikeun hamba anu bebas, lalski (dewasa), awewe (dewasa), budak leutik (kaasup orok), jalma kolot tigolongan jalma muslim. Jeung (Rosul) marentahkeun kana eta Zakat Fitrah teh supaya dibagikeun (ka mustahikna) samemeh jalma-jalma ngalaksanakeun Sholat (Iedul Fitri). (HR. Bukhari)

Zakat Fitrah kadang-kadang sok kapopohokeun ku rereana jalma, mungkin bae sabab eta jalma teh kabongroy ku mangrupa-rupa kasibukan dina raraga nyanghareupan lebaran/ padahal eta Zakat Fitrah teh mangrupakeun salah sahiji panangtu kana nepi henteuna pahala jalma anu puasa ka Gusti Alloh. Kusabab kitu kade omat ulah ngan sa ukur baju lebaran, kueh lebaran, kupat lebaran anu dipaerhatikeun teh, tapi Zakat Fitrah anu teu sabaraha lamun dihargakeun kudu dinomor hijikeun, ngarah puasana sampurna jeung ditarima ku Gusti Alloh Nu Maha Suci.

Sabda Rasulullah SAW., dina salah sahiji haditsna, anu hartina (Pahala) puasa bulan Romadhon digantungkeun di antara langit jeung bumi (diawang-awang), jeung moal diangkat (nepi) ka Gusti Allah, lamun eta jalma henteu ngaluarkeun Zakat Fitrah. (HR Abu Haps bin Syahin)

Eta anu genep perkara teh ngansakadar sababaraha contoh amalan atawa kalakuan pikeun jalma-jalma anu miharep kana pangampura dosa tinu Kawasa, miharep kana kasucian ati jeung diri, miharep kana pahala anu saloba-lobana, jeung miharep jadi jalma takwa pikeun kabagjaan dunia rawuh aherat.

 

Bandung, 20 Syaban 1436

Jamhur

Last modified on Rabu, 17 Juni 2015 01:57